Sabtu, 08 November 2008

17 Pupuh Sunda

Pupuh teh mangrupa ugeran (puisi) nu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta patokan jumlah padalisan (baris) dina unggal pada (bait) sarta lobana engang (suku kata/vokal) dina unggal padalisan. Guru lagu nyaeta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan (dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung).

Pupuh Sunda kabehna aya tujuh belas. Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nyaeta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD), sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaeta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal ieu Pupuh teh miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek sewang-sewangan, saperti anu dijentrekeun ieu di handap -Santri Kodok.

1. Asmarandana. Pupuh Asmarandana dina sapadana diwangun ku tujuh padalisan. Watekna silih asih, silih pikanyaah, nasehat atawa mepelingan. Guru lagu jeung guru wilangana: 8-i, 8-a, 8-e, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a. Contona:

eling-eling mangka eling (guru wilangan = 8, guru lagu = i)
rumingkang di bumi alam (8-a)
darma wawayangan bae (8-e)
raga taya pangawasa (8-a)
lamun kasasar lampah (7-a)
nafsu nu matak kaduhung (8-u)
badan anu katempuhan (8-a)

2. Balakbak. Pupuh Balakbak dina sapadana diwangun ku tilu padalisan. Watekna pikaseurieun atawa lulucon. Guru lagu jeung guru wilangana: 15-E, 15-E, 19-E. Contona:

Aya warung sisi jalan rame pisan - Citameng (15-e)
Awewena luas-luis geulis pisan - ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet - nyanggereng (19-e)

3. Dangdanggula. Pupuh Dangdanggula dina sapadana diwangun ku sapuluh padalisan. Watekna kabungahan atawa kaagungan. Guru lagu jeung guru wilangana: 10-i, 10-a, 8-e/o, 7-u, 9-i, 7a-, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a. Contona:

Laut Kidul kabeh katingali (10-i)
ngembat paul kawas dina gambar (10-a)
ari et ka tebeh kaler (8-e)
Batawi ngarunggunuk (7-u)
lautna mah teu katingali (9-i)
ukur lebah-lebahna (7-a)
semu-semu biru (6-u)
ari ret ka tebeh wetan (8-a)
gunung gede jiga nu ngajakan balik (12-i)
meh bae kapiuhan (7-a)

4. Durma. Pupuh Durma dina sapadana diwangun ku tujuh padalisan. Watekna ngambek, pasea, gelut, atawa perang. Guru lagu jeung guru wilangana: 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i. Contona:

Mundur mapag balad Pandawa teu tahan (12-a)
barisan beuki ipis (7-i)
digempur Kurawa (6-a)
Senapatina Karna (7-a)
sakti manggulang-mangguling (8-i)
hese pantarna (5-a)
moal aya nu nanding (7-i)

5. Gambuh. Pupuh Gambuh dina sapadana diwangun ku lima padalisan. Watekna bingung, samar polah, tambuh laku. Guru lagu jeung guru wilangana nyaeta 7-u, 10-u, 12-I, 8-u, 8-o. Contona:

Ngahuleng beungeut bingung (7-u)
henteu terang ka mana ngajugjug (10-u)
turug-turug harita teh enggeus burit (12-i)
panon poe geus rek surup (8-u)
keueung sieun aya meong (8-o)

6. Gurisa. Pupuh Gurisa dina sapadana diwangun ku dalapan padalisan. Watekna pangangguran, tamba kesel, pikalucueun. Guru lagu jeung guru wilangana nyaeta 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a. Contona:

Hayang teuing geura beurang (8-a)
geus beurang rek ka Sumedang (8-a)
nagih anu boga hutang (8-a)
mun meunang rek meuli soang (8-a)
tapi najan henteu meunang (8-a)
teu rek buru buru mulang (8-a)
rek tuluy guguru nembang (8-a)
jeung diajar nabeuh gambang (8-a)

7. Jurudemung. Pupuh Jurudemung dina sapadana diwangun ku lima padalisan. Watekna kaprihatinan, kaduhung, atawa hanjakal. Guru lagu jeung guru wilangana nyaeta 8-a, 8-u, 6-I, 8-a, 8-u. Contona:

Badan nu katempuhan (8-a)
da bongan ngalajur nafsu (8-u)
peurihna kapanggih (6-i)
rek bongan bongan ka saha (8-a)
ayeuna bati kaduhung (8-u)

8. Kinanti. Pupuh Kinanti dina sapadana diwangun ku genep padalisan. Watekna miharep atawa prihatin. Anapon guru lagu jeung guru wilangana nyaeta: 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i. Contona:

kembang ros ku matak lucu (8-u)
nya alus rupa nya seungit (8-i)
henteu aya papadana (8-a)
ratuning kembang sajati (8-i)
papaes di patamanan (8-a)
seungit manis ngadalingding (8-i)

9. Ladrang. Pupuh Ladrang dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Watekna banyol atawa pikaseurieun. Guru lagu jeung guru wilangana nyaeta 10-I, 8-a, 8-I, 12-a. Contona:

Aki Dartam leumpangna ngagidig (10-i)
gancang pisan, gancang pisan (8-a)
bari aya nu dijingjing (8-i)
mawa kisa eusina ucing anakan (12-a)

10. Lambang. Pupuh Lambang dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Watekna banyol atawa pikaseurieun. Guru lagu jeung guru wilangana nyaeta 8-a, 8-a, 8-a, 8-a. Contona:

Nawu kubang sisi tegal (8-a)
nyair bogo meunang kadal (8-a)
atuh teu payu dijual (8-a)
rek didahar da teu halal (8-a)

11. Magatru. Pupuh Magatru dina sapadana diwangun ku lima padalisan. Watekna piwuruk, prihatin sarta kalucuan. Guru lagu jeung guru wilangana nyaeta 12-u, 8-i, 8-u, 8-I, 8-o. Contona:

Mun sumuhun ieu teh namina curuk (12-u)
nu alit namina cingir (8-i)
anu panjang mah jajangkung (8-u)
gigireunana jariji (8-i)
anu pangageungna jempol (8-o)

12. Maskumambang. Pupuh Maskumambang dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Watekna prihatin, sasambat, atawa nalangsa. Guru lagu jeung guru wilangana: 12-i, 6-a, 8-i, 8-a. Contona:

Jalma kedul mumul ditambah jejerih (12-i)
ulah ngarep senang (6-a)
sabab mungguhing rejeki (8-i)
tara datang teu disiar (8-a)

13. Mijil. Pupuh Mijil dina sapadana diwangun ku genep padalisan. Watekna susah, sedih, cilaka, tiiseun, atawa jempling. Guru lagu jeung guru wilangana: 10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u. Contona:

Beurang peuting tambah cape ati (10-i)
jeung tambah rampohpoy (6-o)
wungkul inget ka kabogoh wae10-e)
mugi aya kadar panggih deui (10-i)
mun teu panggih deui (6-i)
anggur pondok umur (6-u)

14. Pangkur. Pupuh Pangkur dina sapadana diwangun ku tujuh padalisan. Watekna lumampah, napsu, sadia rek perang. Guru lagu jeung guru wilangana: 8a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-a. Contona:

Seja nyaba ngalalana (8-a)
ngitung lembur ngajajah milang kori (12-i)
henteu puguh nu dijugjug (8-u)
balik paman sadaya (7-a)
nu ti mana tiluan semu rarusuh (12-u)
Lurah Begal ngawalonan (8-a)
Aing ngaran Jayapati (8-i)

15. Pucung. Pupuh Pucung dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Watekna piwuruk, wawaran, kaget, atawa eling. Guru lagu jeung guru wilangana: 12-u, 6-a, 8-e/o, 12-a. Contona:

estu untung nu bisa mupunjung indung (12-u)
jeung nyenangkeun bapa (6-a)
tanda yen bagjana gede (8-e)
hirup mulus kaseundeuhan ku berekah (12-a)

16. Sinom. Pupuh Sinom dina sapadana diwangun ku salapan padalisan. Watekna gumbira. Guru lagu jeung guru wilangana: 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a. Contona:

Di wetan fajar balebat (8-a)
panon poe arek bijil (8-i)
sinarna ruhay burahay (8-a)
kingkilaban beureum kuning (8-i)
campur wungu saeutik (7-i)
kaselapan semu biru (8-u)
tanda Batara Surya (7-a)
bade lumungsur ka bumi (8-a)
murub mubyar langit sarwa hurung herang (12-a)

17. Wirangrong. Pupuh Wirangrong dina sapadana diwangun ku genep padalisan. Watekna kawirang, kaeraan, karugian, kaapesan. Guru lagu jeung guru wilangana nyaeta 8-I, 8-o, 8-u, 8-I, 8-a, 8-a. Contona:

Jalma nu resep ngaluis (8-i)
lumrahna resep ngaleos (8-o)
ngan pacuan resep ngusut (8-u)
komo mun resep ngarujit (8-i)
teu aya batan basajan (8-a)
sagala sigar tengahan (8-a)

Tidak ada komentar: